Kecap panambah nyaeta kecap pancen anu umumna jadi panambah frosa ( kelompok kata ).
kecap panambah aya 6 :
1. Kecap panganteb funsina leuwih nagntepkeun kana hal anu dimaksud.
contoh : mah,tea,oge,teh,deui,deuih,atuh.
2. Kecap panganter fungsina pikeun nganteurkeun pagawean.
contoh : belewer,gantawang,geleser(maju),gedig(indit),jrut,rot.
Anteran nyaeta nirukeun sora.
contoh : barakatak,dor,jegur,pletok potong,brot,pre.
3.Kecap panahap nyaeta nuduhkeun tahapan hiji hal.
contoh : rada,semu,kacida,naker,teuing,paling,sedeng.
4. Kecap panagtu nyaeta nuduhkeun hal anu geus pasti.
contoh : sagala,unggal,saban,sawatara,sababaraha.
5. Kecap aspek nyaeta nuduhkeun lumangsuna hiji kajadian.
contoh : can,keur,rek,geus,kakara.
6. Kecap modalitas nyaeta nuduhkeun sikep pamadegan anu nyarita hiji hal.
contoh : boa boa,sugan,mudah mudahan, moal,ulah,kudu,tara,tru kenging,remen,hayang.